Selasa, 18 Februari 2020

Bahasa sunda Bab 4 Nulis Biografi


Bab IV
 Nulis Biografi



Biografi nyaeta riwayat hirup nu kaalaman ku saurang jalma sarta netelekaeun dimana jeung iraha lahirna, kungsi sakola dimana wae, naon pagaweanana, kaunggulanna, prestasi, karya, atawa pangalaman istimewa anu penting sarta aya mangpaatna pikeun jalma sejen.
Upamana bae, biografi Rd. Dewi Sartika, Oto Iskandar di Nata, Ali Sadikin, biogafi Soeharto, biografi SBY, jsb.
Kagiatan nulis anu mangrupa salah sahiji kaparigelan produktif dina pembelajaran basa jeung sastra Sunda. Kaparigelan nulis mangrupa kagiatan anu paheut patalina jeung kagiatan anu dilaksanakeun ku guru jeung murid dina proses pembelajaran, boh di sakola boh di luar sakola.
Nulis teh mangrupa (1) kaparigelan basa anu produktif, (2) proses nyusun lambang grafis, jeung (3) proses komunikasi make lambang grafis.
Tujuan Nulis pikeun nepikeun informasi jeung pikeun ngahudang rasa.Salian ti istilah nulis, aya deui istilah sejen, nyaeta ngarang.
Wujud tina hasil nulis disebut tulisan, sedengkeun wujud tina hasil ngarang disebut karangan. Nilik kana medium basa nu dipakena, aya nu disebut karangan lisan jeung karangan tulis.

Ari numutkeun warnana (jenisna), aya nu disebut karangan prosa, aya oge anu disebut karangan puisi.

Dumasar kana jihat wangunna (bentuk), aya nu disebut 
  • 1.       karangan bahasan (eksposisi),
  • 2.       alesan(argumentasi), 
  • 3.       kisahan(narasi),
  • 4.       lukisan(deskripsi),jeung
  • 5.       karangan drama.



Standar kompetensi nulis teh nyaeta mampuh nulis pikeun nepikeun rupa-rupa pesen (pikiran, perasaan, jeung kahayang) sacara tinulis dina warnaning karangan saperti padoman wawancara, prosa, (pangalaman, biografi, bahasan, berita, esey, surat, carpon, laporan, bahasan) jeung puisi (sajak, guguritan, sisindiran).
Runtuyan kagiatan Nulis nya eta :1. Nyalin, nuliskeun deui 2. Nyadur atawa nyundakeun 3.Ningkes jeung ngalaporkeun 4.Nyusun guneman (nyieun daptar pertanyaan, wawancara, angket) 5. Nyieun surat 6. Nulis artikel atawa pedaran) 7.Ngarang pangalaman 8.Nulis naskah biantara 9.Ngararancang kagiatan 10.Nulis memo. 11. Ngarang wangun lancaran, ugeran jeung drama.
Nulis teh mangrupa sarana pikeun ngutarakeun hiji perkara anu disusun ngagunakeun basa tulis. Eta wujud tulisan teh bisa ngajengleng dina wangun karangan anu gembleng atawa bisa oge mangrupa paragraf.
Paragraf  nyaetabeungkeutan kalimah-kalimah anu ngandung hiji tema.Paragraf anu eusina ngajelaskeun hiji hal, proses, atawa peristiwa, disebut paragraf eksposisi.

Conto Nulis Biografi :
Biografi Mang Koko

Mang Koko (1917-1985) sosok seniman Sunda, pencipta lagu-lagu Sunda. Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya ping 10 April 1917 jenengna Koko Koswara. Nu janten ramana nyaeta Ibrahim alias Sumarta, masih turunan Sultan Banten (Sultan Hasanuddin). Anjeuna namatkeun pendidikan di HIS (1932), MULO Pasundan (1935). Damelkawit taun 1937 noron di: Bale Pamulang Pasundan, Paguyuban Pasundan, De Javasche Bank; Surat Kabar Harian Cahaya, Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Provinsi Jawa Barat, Guru anu jadi Direktur Konservatori Karawitan Bandung (1961-1973); Dosen Luar Biasa di Akademi Seni Tari Indonesia (ASTI) Bandung (ayeuna mah STSI/Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung). Anjeuna ngantunkeun di Bandung, 4 Oktober 1985 dinayuswa 68 taun.
Ti alit keneh anjeuna tos wanohjeung alat musik saperti kacapi, suling, gitar, biola. Kaleresanramananyayogikeun alat-alat atawa waditratadi dibumina di Indihiang. Mang Kokooge sering naek munara masjid kobla subuh ngahaleuangkeun tarhim. Pangemut anjeuna tarhim ogetiasa diangge cara anu saekanggengolah vokal.
Bakat seni nu dipimilikturunanramanaanu kawentarjanten juru mamaos Ciawian jeung Cianjuran.Salajengna anjeunadiajar nyalira ti seniman-seniman ahli karawitan Sunda anu toskasohorsareng nyungsi hasil karya widang karawitan ti Raden Machjar Angga Koesoemadinata, ahli musik Sunda.
Mang Koko hiji budayawan Sunda anu mungkin hese diteangan bandingna.Anjeunanyiptakeun lagu, nyieun grup-grup seni Sunda, mingpin sakaligus jeung ngajarna. Ku ciptaana nu tegar jeung dinamis, anjeuna hasil ngalanglangwates-wates propinsi jeung tradisi dikenal sacara nasional.
Dinamimiti kamerdekaan, 1946, anjeunamitembeyan grup kasenian "Kanca Indihiang".Midangna grup ieungaliwatan siaran Radio Bandung radio nu baheula dipancarkeunti Tasikmalaya. Kumargi kituteu matak heran waktu Mang Koko ngalih ka Bandung taun 1950, Oejeng Soewargana nu gaduh penerbit Ganaco, nyuhunkeunMang Koko “membukukan” lagu ciptaana.
Judul bukuna, Tjangkurileung(ketilang) ditaun 1959, nu salajengna diabadikeun jadi ngaran yayasan anu didirikeunn ku Mang Koko pikeun ngembangkeun karawitan dikalangan murid, ti SD nepi ka SMTA.Dinahiji dasawarsa, 1960-1970, kacatet 1.800 urang nu meunang sertifikat ti Yayasan Tjangkurileung.Terus Mang Koko nyieun lembaga pendidikan seni Ganda Mekar keur kalangan mahasiswa jeung umum. Anjeuna ogengadegkeunjeung jadi pupuhu Yayasan Badan Penyelenggara Akademi Seni Karawitan Indonesia (ASKI), Bandung (1971). Kantos oge anjeunanerbitkeun majalah kasenian "Swara Cangkurileung" (1970-1983).
Dinamangsa produktif antara taun 1950-1960, rata-rata Mang Koko nyipta tilu lagu dina tiap mingguna. Periode 1960-1970, produktivitasna nurun tapi laguna leuwih “berisi”. Kurang leuwih 1000 lagu Sunda anu geusdi ciptakeun. Salah sahijina lagu Badminton anu populer, dina mangsa bulu tangkis nasionaldigjaya, anjeunanyiptakeuna dina taun 1943, samemeh  Rudy Hartono jadi juara All England.
Lian ti nyiptakeun lagu, Mang Koko ogejadi“pembaru” musik Sunda. Mang Koko urang Sunda anu mimitingasupkeun dasar perkusi kana lagu-laguna.Upamana wae dina lagu Mundinglaya, Mang Koko ngasupkeun sora kentongan. Tapi di bagian lain, anjeunangalengkepansora kacapi jeungnarataskacapi elektrik. Dina hal pembaru musik Sunda ieuPamarentah maparin Anugerah Satya Lencana dina taun 1971, nu disimpaykeun ku  Menteri P dan K Mashuri, S.H.
Mang Koko salahasuranganu saleh, basajan jeung“merakyat”nu akrab jeung sakabehkalangan masarakat, kitunumutkeun RAF.
Diantara karya cipta kakawihan nu ku Mang Koko dikumpulkeun dina buku-buku, boh nu geus diterbitkeun atawa masih mangrupa naskah-naskah nya eta :

"Resep Mamaos" (Ganaco, 1948),

"Cangkurileung" (3 jilid/MB, 1952),

"Ganda Mekar" (Tarate, 1970),

"Bincarung" (Tarate, 1970),

"Pangajaran Kacapi" (Balebat, 1973),

"Seni Swara Sunda/Pupuh 17" (Mitra Buana, 1984),

"Sekar Mayang" (Mitra Buana, 1984),

"Layeutan Swara" (YCP, 1984),

"Bentang Sulintang/Lagu-lagu Perjuangan"; jeung nu sejenna.

Karya-karyana teu nga saukur dina widang kawih, tapi oge dina widang seni drama jeung gending karesmen, contona:

"Gondang Pangwangunan",

"Bapa Satar",



Pancen Struktur Bab ka IV …..

Nyieun jeung neangan Biografi Singket tokoh atawa inohong anu dipikaresep ku hidep dina wangunan Biografi singket siga conto diluhur, utamakeun tokoh Sunda atawa Seniman Sunda nu dipikawanoh ku hidep, jieun artikel siga conto.

Gurat Badag Ningkes Biografi

  • 1.       Saha nu rek dijadikeun tokoh Biografi nudipikaresep
  • 2.       Titimangsa kalahirana jeung tempat lahirna katut kulawargana
  • 3.       Widang nu jadi kaunggulana sarta sertifikat/kajuaraan
  • 4.       Taun-taun kawentar/kasohor
  • 5.       Watek, sipat, kapribadian nu jadi eunteung kahirupan
  • 6.       Visi misi cita-cita hirupna
  • 7.       Namatkeun Sakola nepi ka paguron luhurna dimana wae
  • 8.       Kamandang atawa pesen dirina keur nu maca biografina



DAFTAR PUSTAKA :







0 komentar:

Posting Komentar