Selasa, 25 Februari 2020

Bahasa Sunda BAB 9 Carpon


CARITA PENDEK


Pengertian Carita Pondok
Carita pondok teh nyaeta karangan rekaan (fiksi) anu wangunna pondok sarta ngan ukur ngasongkeun hiji peristiwa. Carpon umumna nyaritakeun hal-hal anu sipatna realistis, diangkat tina kanyataan.

Sajarah Carita Pondok
Carita pondok asal-muasalna mah tina talari carita lisan anu ngahasilkeun carita-carita kawentar kayaning Iliad sarta Odyssey  karya Homer. Carita-carita eta ditepikeun dina wangun puisi anu mibanda wirahma, kalayan wirahma anu mibanda fungsi minangka pakakas pikeun nulungan jalma pikeun nginget caritana. Bagian-bagian singget tina ieu carita teh, dipuseurkeun kana naratif-naratif individu anu bisa ditepikeun dina hiji kasempetan pondok. Sakabéh caritana kakara katémbong saupama sakabéh bagean caritana geus ditepikeun.

Ciri – Ciri Carita Pondok

  • Ø  Bisa rengse dibaca dina sakali mangsa
  • Ø  Alurna teu kompleks, museur kana hiji kajdian
  • Ø  Mere kesan lir enya-enya kajadian
  • Ø  Jumlah kecapna tara leuwih ti 500-1000 kecap.Upama diukur ku waktu macana antara 10 nepi ka 20 menit.
  • Ø  Galur atawa plot ngan hiji caritana basajan,pondok jeung asup akal.
  • Ø  Palaku ngan ukur 2 atawa 3 urang.
  • Ø  Setting tunggal atawa temana,lir enya-enya,kajadian,jangka waktu jeung singket.
  • Ø  Nyaritakeun pangalaman atawa kajadian sacara naratif.
  • Ø  Caritana kurang kompleks upama dibandingkeun jeung novel.
  • Ø  Kadang-kadang endingna teu pati jelas.
  • Ø  Jelas pangarangna.



Teknik Nulis Carita Pondok

  • Ø  Tema
  • Ø  Bahan carita
  • Ø  Alur
  • Ø  Tokoh
  • Ø  Dialog
  • Ø  Sudut pandang
  • Ø  Prak-prakan

.

      Kunci suksesna ngarang atawa nulis carpon
  • Ø  Loba maca carita beunang batur.
  • Ø  Loba pangalaman cara nepikeun ide.
  • Ø  Nembrakkeun,watak carita.
  • Ø  Kudu mindeng latihan nulis carpon.



Unsur Intrinsik
unsur intrinsik nyaéta unsur nu ngabangun karya éta sorangan. unsur-unsur intrinsik carpon nyaéta:

  • Ø  Tema nyaéta ide pokok hiji carita, nu diyakini jeung dijadikeun sumber carita.
  • Ø  Latar(setting) nyaéta tempat, waktu, suasana nu aya dina carita.Hiji carita kudu jelas di mana tempatna, iraha kajadianna jeung suasana keur carita.
  • Ø  Galur(Plot) nyaéta susunan kajadian nu ngabentuk hiji carita

Galur dibagi jadi 3 nyaéta:

·  Galur maju nyaéta rangkaian kajadian nu urutanna sesuai jeung urutan waktu kajadian atawa nu gerakna kaharep terus.
·  Galur mundur nyaéta rangkaian kajadian nu susunanna teu sesuai jeung urutan waktu kejadian atawa carita nu gerakna mundur(flashback).
·  Galur Campuran nyaéta campuran antara galur maju jeung mundur.
Galur boga sababaraha tahap:
·         Panganteur: bagian carita mangrupa lukisan, waktu, tempat atawa kajadian nu mangrupa mimitina carita.
·         Penampilan masalah: bagian nu nyaritakeun masalah nu keur dihadapan ku palaku carita.
·         Puncak kategangan/klimaks: masalah dina carita nu geus gawat pisan, konflikna keur memuncak.
·         Kategangan nurun/antiklimaks: malasah tos bisa diatasi jeung kekhawatiran mulai leungit.
·         Resolusi: masalah geus bisa di atasi atawa di béréskeun.
·         Perwatakan
·         ngagambarkeun watak atawa karakter tokoh nu bisa ditingali dina 3 segi nyaéta:

  • Ø  Dialog tokoh
  • Ø  Penjelasan tokoh
  • Ø  Penggambaran fisik tokoh

Tokoh nyaéta jalma-jalma nu dicaritakeun dina carita jeung loba nyandak peran dina carita. tokoh dibagi jadi 3 nyaéta:
·         Protagonis:tokoh utama
·         Antagonis: tokoh penentang atawa lawanna tokoh utama
·         Tritagonis:Penengah dina tokoh utama jeung tokoh lawan
  • Ø  Amanat nyaéta pesan atawa nasehat nu rek disampaikeun pangarang lewat carita.


Unsur Ekstrinsik
unsur ekstrinsik nyaéta unsur-unsur nu aya diluar karya sastra, tapi sacara teu langsung ngapengaruhan wangunan atawa sistem organisme karya sastra. unsur-unsurna nyaéta:

  • Ø  Nilai-nilai dina carita(agama,budaya,politik,ekonomi)
  • Ø  latar belakang kahirupan pangarang
  • Ø  situasi sosial keur carita diciptakeun


1.       Perbedaan carpon jeung dongeng
 1. Dongeng biasana ngabogaan eusi nu mangrupa carita khayal, sedengkeun carpon eusina bisa mangrupa  carita khayal atawa oge carita nyata.

2. Dongeng kaasup carita prosa heubeul, dongeng biasana anu nulisna anonim, eusina biasana nyaritakeun  kabaikan nu ngalawan kajahatan, jeung sifatna statis. Sedengkeun carpon kaasup carita prosa anyar,
    carpon biasana anu nulisna jelas, temana biasana leuwih bebas, ngabogaan sifat anu dinamis.

3. Saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa heubeul, carita dongeng biasana mangrupa istana sentris,ngabogaan sifat-sifat nu aya dina karajaan, fantastis, sarta dipangaruhan ku sastra Hindu jeung sastra
   Arab. Carpon oge saluyu jeung ciri-ciri lianna nu aya dina prosa anyar, carita dina carpon biasana
   mangrupa rakyat sentris, bahanna mawa tina kahirupan nu aya di rakyat sakitar, realistis, sarta
  dipangaruhanku sastra barat.

4. Carita khayal dina dongeng oge biasana sok leuwih loba bohongna, saperti aya sato nu bisa ngomong, sedeungkeun carita dina carpon lewuih logis sarta realistis ti batan carita nu dongeng.

5. Biasana palaku dina dongeng bisa naon wae, saperti umpamana bisa jelema, barang, tutuwuhan atawa oge sato, sedengkeun palaku nu aya dina carpon biasana ngan jelema wungkul.

Contoh Carita Pondok

DUA NUNGALALANA JEUNG HIJI BERUANG

Dua jalma leupang ngalalana babarengan liwat ka hiji leweung. waktu eta ngadadak aya Hiji beruang anu gede kaluar ti semak semak deukeut maranehna.
salah sahiji nungalalana,ngan ukur mikirkeun diri sorangan jeung teu mikirkeun babaturannana.maneh na naek ka hiji tangkal anu deukeut ka maneh na.
Nungalalana hiji deui,ngarasa teu bisa ngalawan beruang nu sakitu gede na sorangan.manehna ngabeubeut keun dirina ka nu taneuh jeung ngagoler bari ngahep-hep.
Saolah-olah manehna tos maot. Maneh na osok ngadenge lamun beruang teh moal nyabak sato atawa jelema anu geus maot.
Babaturannana nu aya di tangkal huenteu ngalakukeun naon naon jueng heunteu nulungan babaturannana anu ngagoler.teu nyaho paguneman ieu teh bener atawa heunteu.beruang eta teh  ningali ka jalma nu ngagoler maneh na ngaendus-endus deukeut sirah na,beruang eta teh ngarasa puas da korbanna  tos maot padahal ma heuntue beruang eta teh indit.
Nungalalana anu di tangkal turun ka handap ningali babaturannana.
”katingalinna sa olah-olah beruang eta teh ngabisikeun ka ceuli anu ngagoler bieu”
“naon nu di katakeun ku beruang eta teh?saur nungalalana nu sambunyi di tangkal”
”beruang eta nyarita,”saur nungalalana anu ngagoler bieu,”heunteu saluyu luempang
 babarengan jeung saurang anu ngantepkeun  jeung heunteu mikirkeun babaturannana   anu keur dina bahaya “


SUMBER :
http://inifavoriteku.blogspot.com/2017/05/pengertian-ciri-ciri-unsur-unsur-jeung.html
http://ikomangsena.blogspot.com/2012/09/pengertian-sejarah-dan-ciri-ciri-carita.html

0 komentar:

Posting Komentar