Selasa, 18 Februari 2020

Bahasa sunda Bab 3 Mahamkeun Surat Kabar


Bab III
Mahamkeun Surat Kabar



Koran atawa Surat Kabar Basa Sunda munggaran, nyaeta Sora Merdika pingpinan Moh.Sanoesi, edisi ka-3 taun ka-1 medal tanggal 1 Mei 1920. Aya oge nu nyebutkeun koran basa Sunda munggaran teh Sunda Berita. Jaman pergerakan oge medal Soemanget asuhan Tunggono, mingguan basa Sunda Pajajaran pingpinan Haris Soema Amidjaya, Pendawa pingpinan Gatot, jeung Siliwangi nu di aping ku Ema Brata Koesoema.
Koran basa Sunda sejenna, Masa Baroe, Sapoedjagat, Simpaj, Isteri Merdeka, Panglimajeung Tawekalpingpinan Harsono, Sipatahoenan(1923) pingpinan Ahmad Atmadja jeung Bakri Suraatmadja nu kabehannana terbit munggaran di Tasikmalaya, Galoeh di Ciamis pingpinan Arsim Karna Winata, Balaka pingpinan Ikik Wiradikarta, Sinar Pasoendan pingpinan Ali Ratman sarta pamingpin redaksina Imbi Djajakoesoema jeung wakilna O.K.Yaman, redaktur harian Moh. A.Afandi jeung Iding Wangsawidjaja (Iding Wangsawidjaja kungsi jadi sekretaris Bung Hatta).
Eta koran basa Sunda teh ku kaom nasionalis dipake dipake alat perjoangan. Koran basa Sunda tadi nu pangnyongcolangna jeung gede komarana nyaeta Sipatahoenan nu saterusna kantor redaksina pindah ka Bandung sarta kungsi jadi koran harian. Warta-wartana lolobana ngeunaan kahirupan masarakat sarta nembongkeun sikep mihak ka Soekarno. Jaman Jepang teu medal. Taun 1950 dipingpin ku Moh.Kurdi, Sipatahoenan medal deui, tapi ngan kuat tepi taun 1985.
Sanggeus merdeka, koran basa Sunda nu alanyar patingpucunghul di Jawa Barat. Sinar Madjalengka (1948) di Majalengka, Warga (1954) nu dipingpin ku Eeng di Bogor, Kalawarta Kudjang(1956) di Bandung, majalah Mangle (1957) di Bogor nu ditaratas ku RH Oeton Muchtar jeung Ny.RHE Rochimika Sudarmika (kantor redaksina taun 1962 pindah ka Bandung).
Mangle tepi ka ayeuna terus medal kalayan mayeng saminggu sakali. Awal taun 1960-an Ajip Rosidi nerbitkeun majalah Soenda. Di Bandung taun 1972, medal Giwangkara, Gondewa, jeung Galura. Taun 1975, Galura jadi anak penerbitan Pikiran Rakyat.



Masarakat Sunda boh nu di Jawa Barat, boh nu cicing di luar Jawa Barat kudu reueus ku reana media cetak basa Sunda, sabab ;

  • 1)      dijaman kolonial ngadeudeul perjoangan bangsa
  •  
  • 2)      Jadi media informasi, hiburan, jeung atikan
  •  
  • 3)      Media kontrol sosial




Surat kabar atawa majalah dina basa Sunda anu masih keneh aya kiwari teh diantarana :

  • 1)      Galura Sundajeung Giwangkara, terbitna mingguan.(koran)
  •  
  • 2)      Mangle, terbitna mingguan (majalah)
  •  
  • 3)      Cupumanik jeung Sunda Midang, terbitna bulanan (majalah)
  •  



Unsur Nyieun jeung Nulis artikel ngeunaan kasundaan, nyaeta :

1.      Sumberna naon ngaranna? (majalah, koran, internet, jsb.)

2.      Titimangsa medalna atawa terbitna artikel?

3.      Judulna naon?

4.      Topikna ngeunaan naon?

5.      Pangarangna Saha?

6.      Ringkesna, inti sari,atawa kasimpulana kumaha?

7.      Dicutat deui, iyasana, atawa ditulis deui ku saha?



Pangaweruh Basa


Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan dibalibirkeun, pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu karasa nyentug. Jadi nu disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).

Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nya éta:

Ø  Wawangsalan/bangbalikan

Ø  Paparikan

Ø  Rarakitan

Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2) piwuruk, jeung 3) sesebréd.



Wawangsalan/bangbalikan

Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta sababna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.
Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).

Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:

1.      Bangbalikan lanjaran

Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:

§  Teu puguh monyét hideungna, teu puguh tungtungna (lutung)

§  Tepi ka kélor héjona, tepi ka antukna (katuk)
§  Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibébénjokeun (kéjo)

2.      Bangbalikan dangding

Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:

Kinanti
Di Cikajang aya gunung,

asa paturay jasmani

Kalong leutik saloa gedang

Kembang biru di astana

abot pisah jeung nu asih.



Ø  Paparikan

Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.
Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana dalapan engang.

Paparikan dibagi dua, nya éta:

1.       Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh. Conto :

Leuleupeutan leuleuweungan

Ngarah kékéjoanana

Deudeukeutan reureujeungan

Ngarah téténjoanana

2.       Paparikan dangding, nya éta paparikan nu kawengku ku patokan nyieun pupuh. Contona:

Kapinis ulah disumpit

Tangkal muncang ngarangrangan

Kembang kopi kembang kopo

Karungkang pucuk karungkang

Lampuyang cocongoan

Bawaeun ka Raja Galuh

Batu tulis di sakola


Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:

1.          Silih asih

2.          Piwuruk

3.          Sesebréd



Ø  Rarakitan

Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut, tapi raket mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora atawa sadana antara cangkang jeung eusi téh raket pisan, Nilik kana sipatna, rarakitan mibanda tilu rupa sipat. Nya éta silis asih, piwuruk, jeung sesebrédcontona:

A.     Silih asih

Kaso pondok kaso panjang                    Sapanjang jalan Soreang

Kaso ngaroyom ka jalan                        moal weleh diaspalan

Sono mondok sono ngajang                   sapanjang tacan kasorang

Sono patepang dijalan                           moal weleh diakalan



B.      Piwuruk

Sing getol nginum jajamu                       lamun urang ka Cikole

Nu guna nguatkeun urat                         moal hese tumpak kahar

Sing getol neangan elmu                       lamun urang boga gawe

Nu guna dunya aherat                           moal hese barangdahar



C.      Sesebred

Sok hayang nyaba ka Bandung                Rarasaan ngala mayang

Sok hayang nyaho nanjakna                    teu nyaho cangkeuteukleuweung

Sok hayang nanya nu pundung                rarasaan koneng umyang

Sok hayang nyaho nyentakna                  teu nyaho cakeutreuk hideung

DAFTAR PUSTAKA :







0 komentar:

Posting Komentar