Selasa, 18 Februari 2020

Bahasa sunda Bab 5 Minton Sawala


Bab V
Minton Sawala



A.      Harti Sawala/Diskusi
SAWALA atawa Diskusi nyaeta kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan jeung maluruh nu ngalantarankeun timbulna pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana. Ilaharna diskusi ngalibatkeun sababaraha urang. Malah dina kagiatan-kagiatan umum mah, anu ngalibatkeun jalma loba, kudu loba pangaturan anu jelas supaya prosesna lancar tur bener.
Lian ti éta aya ogé nu disebut rapat, nyaéta gempungan para pangurus organisasi atawa perkumpulan nu aya patalina jeung pancén atawa rupa-rupaning pasualan.Rapat biasana dipimpin langsung ku kapala atawa pupuhu éta organisasi.Sabagé pamingpin, kapala instansi ngarahkeun obrolan, pamanggih, koméntar para pamilon supaya kaputusan nu dihasilkeunana bener-bener luyu jeung tujuan rapat.

B.      Para PamilonSawala/Diskusi
Para palaksana diskusi ngabogaan pancén séwang-séwangan.Maranéhna aya nu disebut moderator atawa panumbu catur, sekretaris, narasumber atawa panelis, jeung paserta.

1.       Moderator
Pancénna nyaéta saperti di handap ieu.

  • a)       Nepikeun pasualan-pasualan nu baris didiskusikeun.
  • b)       Nepikeun aturan maén atawa tata cara diskusi.
  • c)       Muka jeung nutup jalanna diskusi.
  • d)       Ngatur jalanna diskusi. 
  • e)       Ngajaga kalumangsung diskusi luyu jeung tujuan ogé jadual nu ditangtukeun.
  • f)        Nepikeun kasimpulan-kasimpulan diskusi. 

2.       Sekretaris
Pancén poko sekretaris diskusi.

  • a)       Nyatet ngaran peserta diskusi jeung tanggapan-tangapanana.
  • b)       Nyatet kajadian atawa hal-hal husus salila diskusi. 
  • c)       Nyieun catetan jeung kasimpulan-kasimpulan samentara diskusi. 
  • d)       Nyieun laporan diskusi sacara lengkep satutasna diskusi. 

3.        Panelis
Dina diskusi-diskusi gedé, sapertikeun diskusi panel atawa seminar, sok aya petugas diskusi séjénna nu disebut panelis atawa narasumber. Pancén pokona nepikeun makalah atawa medar téma diskusi sacara panjang lébar. Manéhna boga peran sabagé narasumber atawa pananyaan pikeun para peserta diskusi patalina jeung hiji pasualan.

4.       Peserta
Kahadiran jeung andil para peserta utama pisan pikeun kalumangsungan diskusi. Kateuhadiran para peserta diskusi sarua hartina jeung teu aya diskusi. Ti para diskusi, sagala pamanggih, jalan kaluar, jeung kasimpulan-kasimpulan bias dirumuskeun. Ku sabab kitu, para peserta diskusi teu saukur diharepkeun hadir, nu leuwih penting nyaéta andilna ku mangrupa saran, pandapat, atawa koméntar- koméntarna.

C.      Tata Cara Diskusi
Sacara umum, tata cara diskusi ngawengku sababaraha tahapan saperti di handap ieu.

1.       Meunang idin ti moderator

Saméméh nepikeun saran, pamanggih jeung séjén- séjénna, unggal peserta kudu meunang idin ti moderator.Teu cukup ku ngangkat leungeun, peserta diskusi meunang nyora lamun ditunjuk atawa diidinan ku moderator.

2.       Ngenalkeun Diri
Ngenalkeun diri diperlukeun dina diskusi-diskusi gedé, utamana anu pesertana teu saling kenal. Ungggal peserta nu rék nepikeun pamanggih, saran, kritik, jeung sajabana perlu ngamimitian ku ngenalkeun diri: ngaran, kelas/sakola, atawa alamat.

3.       Nepikeun Saran atawa Pamanggih

Dina nepikeun saran atawa pamanggih, hal-hal di handap ieu kudu diperhatikeun.
  • a)       Saran, pamanggih, jeung sajabana kudu dibarengan ku alesan, fakta, atawa conto nu jelas.
  • b)       Saran atawa pamanggih kudu ditepikeun kalawan lancar, jelas, sopan, jeung wijaksana.



Anapon tahapan-tahapan mingpin diskusi/rapat, nyaéta saperti di handap ieu:

1.       Muka diskusi

a.     Ngucap salam

Assalamualaikum Wr. Wb., hadirin!

Wilujeng énjing para wargi.

b.      Nganuhunkeun kana kahadiran para peserta atawa pamilon diskusi.

“Nganuhunkeun ka para pangurus OSIS anu tos sayogi

ngalungguhan pangulem pribados kanggo ngahadiran ieu acara.
c.     Nepikeun pamaksudan diskusi.
Anapon pamaksudan prbados ngayakeun ieu diskusi teu aya sanés kanggo ngabadantenkeun rencana urang dina acara halalbihalal engké. Utamina tempat, waktu, sareng biaya anu diperyogikeun”.

2.       Ngatur jalanna diskusi

Kalimah-kalimah nu ilahar digunakeun ku pamingpin diskusi dina ngatur atawa ngarahkeun jalanna diskusi, nyaéta saperti di handap.

  • a)       “Mangga ka sadérék sadaya nu bade ngadugikeun saran-saran!”.
  • b)       “Rupina pasualan dana mah éngké waé dibahas ti pengker. Ayeuna mah langkung saé ngabadantenkeun tempat sareng waktosna heula”.
  • c)       “Supados teu nyangkolon kana waktos, mangga urang putuskeun waé ku cara voting…”
  • d)       “Saéna urang istirahat waé heula atuh supados tiasa seger sareng langkung sumanget deui. Kinten-kinten tabuh dua urang teraskeun ieu rapat”.

3.       Nyimpulkeun jeung nutup diskusi.

a.       “Janten aya sababaraha kacindekan nu tos disaluyuan ku sadayana nyaéta…”

b.       “Tina hasl babaddantenan tadi, ti siang dugi ka sonten ayeuna, aya sababaraha hal nu tos tiasa ku urang disimpulkeun…”

c.        “Alhamdullilah, sadérék sadaya, rapat tos tiasa ngahasilkeun sababaraha kaputusan penting. Mudah-mudahan sadayana mangpaat sareng tiasa ku urang dilaksanakeun kalawan lancar”.

D.      Niténan Lumangsungna Diskusi.

Dina kahirupan sapopoé, bias ogé urang ngan saukur jadi pamilon diskusi atawa pangamat wungkul.Éta kassmpetan hade pisan pikeun dijadikeun conto lamun prak-prakan bener-bener alus, sakaligus bisa dijadikeun pieunteungeun lamun éta diskusi téh goréng.

Pananya-pananya di handap ieu bisa djadikeun padoman dina nganiléy goréng alusna hiji diskusi.

1.       pamingpin diskusina adil tur wijaksana?

2.       ngarti pamingpin diskusi téh kana aspirasi anggotanya?

3.       para anggota miluan éta diskusi téh serius atawa apilain?

4.       pamanggih sarta koméntar-koméntarna ditepikeun sacara lengkep tur jelas?

5.       pasualan-pasualan diskusi téh kapecahkeun kalawan tuntas?
Pananya-pananya di luhur bisa ditambahan-tambahan deui, misalna nu aya patalina jeung kaefektifan waktuna, katartiban dina palaksanaanana, kabersihan tempatna.


E.       Ngalaporkeun Hasil Diskusi
Ngalaporkeun hasil diskusi hartina nepikeun jeung nétélakeun sagala rupa hal nu diputuskeun dina jero diskusi. Laporan diskusi kabiasaanana dijieun sacara tinulis.Gunana pikeun padoman para anggota diskusi, sabagé dokumén atawa arsip organisasi.Laporan éta perlu ogé ditepikeun ka pihak-pihak séjénna, atawa kapala sakola.Lamun para pangurus RT nu diskusina, hasilna ditepikeun ka lurah atawa kuwu.

Anapon widang-widang nu perlu ditepikeun dina laporan diskusi, nyaéta:

  • 1.       jejer atawa masalah nu didiskusikeun,
  • 2.       tujuan diskusi,
  • 3.       para pelaksana jeung pamilon diskusi,
  • 4.       tempat jeung waktu diskusi,
  • 5.       hasil-hasil diskusi,
  • 6.       kacindekan. 

Dihandap ieu dicontokeun susunan laporan diskusi,

1.       pangbubuka

  • Ø  kasang tukang diskusi
  • Ø  jejer/masalah diskusi
  • Ø  tujuan diskusi
  • Ø  tempat/waktu
  • Ø  pamilon

2.       hasil diskusi
  • Ø  poko-poko masalah nu didiskusikeun
  • Ø  pananya sarta tanggapan nu dtepikeun ku pamilon rapat

3.       panutup

  • Ø  kacindekan-kacindekan diskusi
  • Ø  pasualan-pasualan nu nyésa, tacan kabahas (lamun aya)
  • Ø  saran-saran

4.       lampiran
Bagéan lampiran dieusi ku rupa-rupa dokumén nu aya patalina jeung kagiatan diskusi, saperti;

  • Ø  jadual diskusi
  • Ø  susunan acara diskusi
  • Ø  daftar pamilon diskusi.


Jalma nu mingpin sawala disebut Panumbu Catur(Moderator), anu nuliskeun hasil sawala disebut Girang Serat (Sekretaris), ari nu sejenna anu ilubiung dina lumangsungna kagiatan sawala disebut pamilon(peserta).
Pamingpin sawala/panumbu catur/moderator ngabogaaan kawajiban pikeun ngarumuskeun masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeun teu ukur jawaban anu “bener” atawa “salah”.

Pamingpin sawala anu hadenyaeta kudu :

  • 1.       apal aturan perkara sawala,dina mere lolongkrang nyarita ka para pamilon, ngamangfaatkeun waktu nu disadiakeun, jeung ngarumuskeun kacindekan;
  • 2.       sabar 
  • 3.       ngahargaan unggal pamadegananu diasongkeun ku panyatur atawa pamilon 
  • 4.       jujur, someah, teu nogencang(beurat sabeulah).




Kagiatan nu aya dina Sawala :

  • 1.       Ngawangun sababaraha kelompok sawala; 

  • 2.       Unggal kelompok nangtukeun materi anu rek disawalakeun, topikna bisa milih, diantarana : a.Basa Daerah perlu di mumule, b.Ngamekar– keun Kasenian tradisional, c.Ngaronjatkeun hasil tatanen, d.Tarekah ngaronjatkeun prestasi diajar, e.Miara kabersihan lingkungan.
  • 3.       Unggal kelompok nuliskeun perelean (rincian) eusi sawala luyu jeung salah sahiji topik anu dipilih di luhur:
  • 4.       Unggal kelompok nangtukeun saha-sahana anu jadi panyatur, panumbu catur, jeung girang serat;
  • 5.       Merenahkeun meja jeung korsi tempat lumangsungna sawala: 
  • 6.       Jawab kalawan logis sakur pananya ti pamilon;
  • 7.       Wani ngoreksi jeung jembar narima saran ti kelompok sejen;
  • 8.       Tuliskeun kacindekan hasil sawala;



Pangaweruh Basa Sunda

Ngaran Tempat

Karapyak          : kandang Sapi/Munding

Gedogan           : kandang Kuda

Paranje             : kandang Domba/Hayam

Pagupon           : kandang Japati

Karangkeng      : kandang sato galak

Pawon               : tempat hawu/dapur

Padaringan        : tempat neundeun beas

Pangkeng          : tempat sare

Alun-alun           : puseur kota

Jongko             : wangunan paragi dagang

Palalangon        : wangunan nu aya di sisi leuweung paranti ngintip sato bururan
Ubrug               : adegan tempat digawe sawatara lilana
Leuit                 : adegan tempat ngampihan pare
Elos                  : tempat nyieun jeung gagaringkeun bata atah
Lio                    : tempat pameuleuman bata

Padumukan       : tempat nganjrek/lembur

Saung               : tempat ngiuhan patani/tukang kebon ngareureuhkeun cape
Goah                : tempat neundeun barubutan/gudang
Comments

DAFTAR PUSTAKA :






0 komentar:

Posting Komentar