Selasa, 18 Februari 2020

Bahasa sunda Bab 2 Tata Wangun Kecap (Morfologi)


Bab II
Tata Wangun Kecap (Morfologi)


A.  Tata Wangun jeung Warna Kecap (Morfologi)
Kecap (harti 1) nyaéta wangun katatabasaan pangleutikna.atawa bagian kalimah anu dicirian ku ayana randegan, ogé mibanda harti. Ku kituna, LBSS (1983) nétélakeun yén kecap (harti 2) nyaéta bagian kalimah anu bisa mandeg mandiri sarta ngandung harti anu tangtu.
Kecap-kecap dina basa Sunda dipasing dumasar kana wangun jeung warna/Rupa Kecap, nyaeta :

B.    Wangun kecap

  • 1.      Kecap Asal  nyaeta kecap anu teu kungsi ngalaman parobahan
  •  
  • 2.      Kecap Rundayan  nyaeta kecap asal anu geus dirarangkénan
  •  
  • 3.      Kecap Rajékan  nyaeta kecap anu diwangun ku cara ngarajék   kecap asal
  •  
  • 4.      Kecap Kantétan nyaeta kantétan dua atawa leuwih kecap asal anu mibanda harti anyar


C.   Warna kecap

Ø  Kecap Lulugu

  • a)      Kecap Barang nyaeta kecap anu nuduhkeun barang atawa ngaran anu  dianggap barang.
  •  
  • b)      Kecap Sulur nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyuluran atawa ngaganti kecap barang
  •  
  • c)      Kecap Pagawéan nyaeta kecap anu nuduhkeun kalakuan, paripolah, atawa pagawéan jalma atawa mahluk séjénna
  •  
  • d)      Kecap Pananya nyaeta kecap anu dipake pikeun nanya
  •  
  • e)      Kecap Sipat  nyaeta kecap anu nuduhkeun sipat atawa kaayaan barang atawa nu dianggap barang
  •  
  • f)       f. Kecap Bilangan nyaeta kecap anu nuduhkeun bilangan, jumlah, atawa       beungkeutan, kumpulan, atawa oge tahapan.
  •  

Ø  Kecap Pancén

  • a)      Kecap Panganteb  nyaeta kecap pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun ((en): emphasis).
  •  
  • b)       Kecap Panganteur  nyaeta kecap disahareupeun hiji kecap pikeun          nganteurkeun kecap éta sangkan leuwih anteb tur écés
  •  
  • c)      Kecap Panambah Aspék nyaeta kecap pikeun nuduhkeun lumangsungna hiji kajadian anu nuduhkeun sikep panyaturna waktu nyanghareupan jalma séjén
  •  
  • d)       Kecap Panambah Modalitas  nyaeta kecap sahareupeun kecap barang pikeun ngantétkeun kecap barang éta jeung kalimah utamana
  •  
  • e)      Kecap Panyambung nyaeta kecap anu dipaké pikeun nyambungkeun kecap jeung kecap, atawa babagian kalimah
  •  
  • f)       Kecap Panyeluk nyaeta kecap nu dipaké pikeun ngébréhkeun bituna rarasaan
  •  

D.     Kecap Asal

Kecap asal disebut oge wangun asal, nyaetakecap anu teu kungsi ngalaman parobahan.Proses morfologis basa Sunda nyaeta proses anu  ngahasilkeun kecap jadian (kecap turunan) ku cara :

  • 1.      Ngararangkenan, hasilna disebut kecap   
  •  
  • 2.      rundayan.
  •  
  • 3.      Ngarajek, hasilna disebut kecap rajekan.
  •  
  • 4.      Ngantetkeun, hasilna disebut kecap kantetan.
  •  

contona, kecap asalna “dahar” mangsa ngalaman proses morfologi ku cara mere imbuhan (ngararangken tukang) “-eun” jadi dahareun.

E.       Kecap Rundayan

  • Ø  Kecap rundayannyaeta kecap asal (kata dasar) nu geus dibere rarangken.
  •  
  • Ø  Rarangken (imbuhan) aya opat rupa, nyaeta :rarangken hareup (afiks/awalan),
  •  
  • Ø  rarangken tengah (infiks/sisipan),
  •  
  • Ø  rarangken tukang (sufiks/akhiran),jeung
  •  
  • Ø  rarangken barung (konfiks).


a.    Rarangken hareup (Afiks/awalan) nyaeta rarangken anu disisipkeun di hareup kecap asal. Rarangken hareup dina basa Sunda, nyaeta : ba-,barang-, di-, ka-, N-, pa-, pada-, pang-, para-, per-, pi-, sa-, sang-, si-, silih/sili-, ti-, ting/pating-.

b.    Rarangken tengah (Infik/sisipan) nyaeta rarangken nu disisipkeun di tengah kecap asal. Rarangken tengah aya tilu, nyaeta :-ar-, -um-,jeung -in-.

c.    Rarangken tukang (Sufiks/akhiran) nyaeta rarangken anu disisipkeun di tukang kecap asal (kata dasar). Rarangken tukangnyaeta :-an, -eun, - ing/ning, -keunjeung -na.

d.    Rarangken barung (Konfiks) nyaeta rarangken nu disisipkeun di hareup jeung tukang dina kecap asal. Rarangken barungnyaeta :ka--an, pa--an, pang--keun, pi--eun, pika-, pika--eun, jeung sa--eun.



F.      Kecap Rajekan

Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu.Contona kuda-kuda, imah-imah, bapa-bapa.Kecap kasebut asup kana  kecap rajekan sagemblengna. Lian ti eta aya oge kecap rajekan sabagian, boh bagian hareup atawq bagian tengah.Contona tatajong, babagi, sababaraha.

G.     Kecap Kantetan

Kecap kantetannyaeta kecap nu diwangun ku cara ngagabungkeun kecap jeung kecap, kecap dengan cakal, atau cakal jeung cakal. Conto :

1)          Kantetan kecap jeung kecap, contona :hejo tihang, panon poe.

2)          Kantetan kecap jeung cakal, contona :kurang ajar, kagok asong.

3)          Kantetan cakal jeung cakal, contona :adug lajer, huleng jentul.

4)          Kantetan kecap jeung morfem unik, conto: sabar darana, keukeuh peuteukeuh


Pangaweruh Basa/Pedaran

Ø  Kecap Rajekan

Kecap Rajekan nyaeta kecap anu diucapkeun dua kali/ leuwih, sabagean atawa sagemblengna, robah sorana atawa henteu

Babagian kecap rajekan, diantarana :

1)      Kecap Rajekan Dwipurwa, nyaeta kecap rajekan anu diwangun ku cara nyebutkeun dua kali engang (suku kata) mimiti kecap asalna. (dwi = dua, purwa = mimiti).

Contona Dwipurwa nurutkeun hartina :

1)      § Lain nu boga lalakon   : bubuntut

2)      § Barang nu siga            : sisiku, babantal

3)      § Nuduhkeun alat           : kakait, cocolok

4)      § Kecap semu/samar      : ririwa, pepetek,papagon

5)      § Kecap abstrak : papayung, kokojo

Dwipura ditambah rarangken :

1)      § Leuwih ti sakali            : seuseurian, gogorowokan

2)      § Barang tironan            : momobilan, paparahuan, iimahan

3)      § Rupa-rupa                  : kekembangan, pepelakan, bubuahan

4)      § Babagean awak           : mumuncangan,peupeuteuyan

5)      § Mindeng makena         : sasapedahan, momotoran

6)      § Asa                             : singsireumeun, lilinieun

7)      § Kasakit                       : jeungjeuriheun, sisidueun

8)      § Kalakuan                     : pupujieun, beubeulieun jrd.

Ø  Kecap Rajekan Dwimadya(1)(dwi = dua, madya = tengah), nyaeta kecap rajekan nu dijieun ku cara nyebutkeun dua kali engan ditengah kecap asal. Contona :sababaraha.

Ø  Kecap Rajekan Dwilingga(2)nyaeta kecap anu dirajek sagemblengna, aya nu robah aya oge nu teu robah sorana. Nu teu robah sorana disebutna Dwimurni(3), anu robah sorana disebut Dwireka(4).

1)      Dwimurni,(dwi = dua, murni = asli), kecap rajekan anu diwangun kucara nyebutkeun dua kali bentuk asal.

a.       Loba : bangku-bangku, samak-samak

b.      Sarua sifatna : amis-amis, pait-pait

c.       Lila milampahna : mikir-mikir, nimbang-nimbang

d.      Kahanjakalan : geulis-geulis,pinter-pinter

2)      Dwireka ,(dwi = dua, reka = rupa), kecap rajekananu diwangun  ku cara nyebutkeun dua kali bentuk asal tapi jadi beda sorana.

a.       Nuduhkeun loba: unak-anik, tulang-taleng

b.      Leuwih ti sakali migawena: luak-lieuk, tumpa-tempo

c.       Nuduhkeun ti hiji : jul-jol, cug-ceg, sur-sor, crung-creng

d.      Kecap Rajekan Trilingga(5) nyaeta dirajek tilu kali jeung robah sorana, contona : dag-dig-dug, hah-heh-hoh, pak-pik-pek.

e.       Kecap Rajekan Dwisasana(6)nyaeta kecap nu dirajeknangan engang nu panungtung kecap asal. Contona :pudigdig, cikikik, cakakak.

f.       Kecap Rajekan Binarung Rarangken(7), nyaeta kecap rajekan nu dibentuk ku cara nyebutkeun dua kali atau lebih bentuk asalna ku nambahan rarangken. Contona :saalus-alus, patarik-tarik.


DAFTAR PUSTAKA :



0 komentar:

Posting Komentar