BAB VI
DONGENG
A.
PENGERTIAN
DONGENG
Dongeng nyaeta carita anu pondok, sarta eusina/sabagian eusina ngandung perkawis perkawis nu teu asup uteuk (pamohalan). Dongeng teh kaasup carita klasik tradisional. Iraha mimiti ayana, teu kapaluruh. Na kitu deui saha anu ngarangna teu puguh (anonim). Ari nyebarna tatalepa sacara lisan. Bareto mah ngadongeng atawa mangdongengkeun teh janten talari urang sunda.

B.
CIRI
CIRI DONGENG
1. ngagunakeun alur nu basajan
2. carita na singket jeung unggut gancang
3. sipat inohong teu diuraikeun sacara rinci
4. di tulis siga pancaritaan sacara lisan
5. aya talatah dina caritana
6. carita nu diangkat teh teu asup uteuk

C.
RUPI
DONGENG TINA BASA SUNDA
1. Parabel: dongeng anu eusina nyaritakeun kahirupan jalma dawam.
2. Fabel: Dongeng sasatoan anu paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upamana bae tiasa nyarios jeung ngagunakeun uteuk pikiran.
3. Legenda: Legenda sok disebut oge dongeng sasakala, nya eta dongeng anu nyaritakeun mimiti muasalna kajadian hiji tempat,barang,sasatoan,kabiasaan,atawa tutuwuhan
4. Sage: Dongeng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah
5. Mite: Dongeng anu eusina raket patalina jeung keperacayaan masarakat kana bangsa lelembut atawa perkawis perkawis anu sipat na gaib.
ramdanshare.blogspot.com

Sasakala Gunung Kendang
Jaman
baheula kacaritakeun aya hiji jelema nu ngaran Ki
Sutaarga. Ngabogaan maksud hajat bari nanggap wayang.
Ari lalakonna nu dipikahayangku manéhna supaya dipidangkeun, nyaéta
lalakon nu paling dipantang kudalang. Éta lalakon meunang dipidangkeun, tapi
teu meunang nepi ka tamatna.Sabah lamun tamat biasana sok aya kajadian nu teu
dipikahayang.Tapi Ki Sutaarga keukeuh peteukeuh hayang nyaho éta lalakon nepi
ka tamatna.Pokna kajeun mayaran sakumaha, moal burung dibayar asal éta
lalakondipidangkeun nepi ka tamatna.Pok Ki Dalang sasauran.“Heug waé
dipidangkeun nepi ka tamatna, asal ongkosna waé dibayar tiheula?”Teu loba
carita, gocrak baé dibayar sapaménta dalang téa, ku Ki Sutaagra téh.Atuh
kasurung ku ongkos nu gedé, ger waé ngawayang anu pohara raména.Sindénna nu
katelah Nyai Astrakembang, anu hérang méncrang, ceuk barudak ayeuna mah
siga enyoy-enyoyan, ngoléar tembang hégar pisan.Atuh panongton daratang ti
suklakna ti siklukna. Éstuning ramé pisan aréak-aréakan, nguping sora sindén
anu ngagalideng halimpu pisan. Barang lalakonampir tamat geus deukeut subuh,
torojol dua jelema anu maké pakéan saragamupas kabupatén. Éta upas téa nepikeun
paréntah Bupati, nu maksudna supayaéta dalang, sindén, para nayaga, katut
gamelan sapuratina, dibawa ngadeuheuska kanjeng Bupati. Cenah ditunggu
pisan.Atuh dalang téh cuh-cih jeung cakah-cikih paparéntah ka batur baturna
kudu bébérés. Sarta manéhna bébéja ka Ki Sutaarga téa yén disaur ku Bupati.Kacaturkeun
bring arindit diiringkeun ku upas nu duaan ngajugjug ka tempat panglinggihan Bupati. Jalanna lempeng molongpong, éstuning senang pisanleuleumpangan
henteu loba sumarimpang.Caritana nu ngalabring téa géus nepi ka nu dijugjug.
Breg ngarimpak rareureuhdihareupeun gedong Kabupatén, harita téh géus rék
bray-brayan beurang.Tapi anéh bin ajaib! 11
Éta dua Upas teu araya, kabupatén ogé
suwung, leungit tampa lebih ilang tampakarana. Sakabéh nu hadir musna teu ngaho
kamana leosna. Nu aya sesana ngangamelan-gamelan téa. Kasur nu digulungkeun
urut diuk sindén, kabéh robahngajadi batu. Tug nepi ka kiwari,
nelah gunungna disebut Gunung Kendang.Dina mangsa nu geus kaliwat.
Dina malem Salasa atawa Jum’ah kaliwon sok aya raraméan siga nu keur
hiburan. Sora sindén gagalindeng angin-anginan.Sora panjak nu senggak. Sora
gamelan nangnéngnong. Ditempas ku sorakendang, dung plak dung plak, écés pisan.
Dipungkas ku sora-sora goong, éar nu surak nu senggak, kakuping ramé
pisan.Loba jelema katipu.Ti lembur nu beulah Kidul Gunung Kendang, saperti
Cikareo, Bantarpeundeuy, jeung nu séjénna. Nu dek lalajo ngabring, manéhna nyangka aya kariaan dikampung
Cibitung. Urang lembur Kaléreun Gunung Kendang, nyangkayénnunanggap wayang téh
di Cikarosea atawa Bantar peundeuy.Burusut nu lalajo ngabring nuju ka beulah
Kidul. Dijalan abringan nu ti Kalér jeung nu ti Kidul pasanggrok, terus silih tanya, dimana aya nu kariaan téh.Masing-masing
ting polongo, teu aya nu bisa ngajelaskeun. Terus baralik kalayan haténa
marurukusunu keuheul ngarasa katipu.Kaanéhan Gunung Kendang nyaéta balatak
batu-batu nu siga kendang, goong,anggél, guguling, jeung gulungan kasur. Anu
siga gulungan kasur réana ayaopat bélas, anu nangtung anu ngedéng. Anu siga
guguling panjangna hijisatengah méter. Gunung Kendang ayana di Désa Sukamukti
KacamatanCisompét Kabupatén Garut, dikomplék Kahutanan nu katelah Blok
Jagasatru.
DAFTAR PUSTAKA :
0 komentar:
Posting Komentar