Selasa, 18 Februari 2020

Bahasa sunda Bab I Pedaran Biantara


Bab I
 Pedaran Biantara
https://www.wisatajabar.com/2019/05/contoh-teks-pidato-perpisahan-sekolah.html


A.    Harti jeung Ciri-ciri Biantara
Harti Biantara atawa pidato téh nyaéta kagiatan nyarita dihareupeun balaréa. Ari kagiatan nyarita téh kagolong kana aspék kaparigelan makéna basa, saperti ngaregepkeun. Sacara Teori Biantara atawa Pidato nya eta mangrupa kagiatan dina nganepikeun pedaran ku lisan ngeunaan hiji perkara atawa pasualan nu dilakukeun hareupeun jalma rea.

B.    Dina Prakna Biantara bisa ngaliwatan rupa-rupa sarana, diantarana :
  1. 1.       Biantara langsung, boh make alat atawa henteu
  2. 2.       Biantara ngaliwatan radio
  3. 3.       Biantara ngaliwatan Televisi
  4. 4.       Biantara ngaliwatan rekaman, boh pita kaset, vcd,CD.


C.    Ditilik tina Eusina, biantara mibanda tilu (3) sifat :

  • 1.       Biantara nu sifatna Informatif, eusina mere beja, bewara atawa ngawawarkeun nu ciri-cirina nya eta saayana nyata,poksang, jeung jujur.
  • 2.       Biantara Propogandistis, eusina ngiklankeun atawa mangaruhan sangkan nu ngadengekeun nurut, milu, jeung biluk kana naon-naon nu ditepikeun, ciri-cirina nya eta dumasar dumasar kana kahayang pribadi, rekaannana ngagedur, mangaruhan, tur matak narik ati.
  • 3.       Biantara anu sifatna Edukatif, eusina teh biasana ngatik tur ngadidik, ciri-cirina nya eta saayana, asup akal, dumasar kana kaelmuan, ngukuhan bebeneran, jeung dana.

D.    Pikeun mere pangajén kana kamampuh atawa kaparigelan nyarita, nu kudu meunang panitén téh ngawengku opat unsur nyaéta:

1.       Lafal atawa ucapan (kaasup vocal, konsonan, jeung intonasi) ; sora kudu kadenge/eces tembres jelas.
2.       Tatabasa ; perhatikeun titik koma, tanda tanya, tanda seru, jsb.
3.       Kabeungharan kecap ; lentong/intonasi basa sing merenah, hade tong pondok tong panjang teuing luyu jeung kabutuhan.
4.       Paéhat/lancaran cumarita ; puguh entep seureuhna, jelas maksud eusina, sarta ngandung seni orator, babasan, jeung paribasa.

E.    Unsur/runtuyan gede naskah keur Biantara atawa Pidato, diantarana :

  1. ·         Salam, atawa pangwilujeng
  2. ·         Kalimah bubuka
  3. ·         Mun perlu tepikeun tema atawa judul jejer biantara
  4. ·         Eusi Biantara
  5. ·         Kacindekan atawa ringkesan biantara
  6. ·         Kalimah panutup, bisa oge Du’a
  7. ·         Salam panutup atawa pangwilujeng


Dina basa Sunda kawilang réa istilah atawa prédikat anu nuduhkeun patalina paripolah nyarita, totondén yén dina hirup kumbuh urang Sunda peta nyarita kungsi jadi ukuran atawa indikator anu kagolong penting pikeun nangtukeun pribadi hiji jalma. Pangpangna upama patalikeun jeung tradisi tata campur gaul basa urang dina mangsa béh ditu.
Dumasar kana tujuanana nyarita téh mangrupa kagiatan pikeun nebarkeun eusi pikiran, gagasan pamaksadan, rasa, ku cara lisan atawa cara nyarita ka nu lian. Ku cara kitu dipiharep nu lian (nu diajak nyarita) atawa nu ngabandungan bisa ngarti kana maksud jeung tujuan anu dilisankeun.
Ulikan ngeunaan nyarita sabenerna mah kahot pisan. Dina mangsa jaman Yunani kira-kira abad V jeung ka VI saméméh Maséhi, tiori ngenaan kumaha nyarita di hareupeun balaréa atawa anu disebut biantara (pidato) téh geus diarulik.
Élmu anu nalungtik ieu perkara téh nyaéta disebutna Rétorika.Numutkeun hartina, rétorika téh nyaéta ulikan ngenaan seni biantara atawa oratoria. Nu matak jalma anu pinter pidato sok disebutna ogé orator. Orator anu kamasyur, upamana: Soekarno, Hitler, Kennedy, Barrack Obama jsté.
Kamampuh biantara (orasi) geus tangtu loba gunana jeung gedé pangaruhna dina kahirupan sapopoé. Ku kamampuh biantara orator baris bisa mangaruhan balaréa. Loba conto dina kahirupan, kumaha seukeutna pangaruh biantara. Loba sikep jeung pamadegan hirup, tapi ogé tujuan.Ku kamampuh biantara bisa ngagedurkeun sumanget, bisa nungtun balaréa pikeun ngalaksanakeun tujuan anu geus ditangtukeun jsté. 


F.     Ngaregepkeun jeung Nyatet Eusi Biantara
Titénan conto biantara di handap.

Sadérék sadaya nu ku simkuring dipihormat,

Poténsi uteuk manusa téh luar biasa hébat. Ngan dina éemprona, can digunakeun sacara optimal. Sebagéan gedé poténsi uteuk manusa dilelebar.teu dialap mangpaatna. Upamana baé éinstéin, tokoh anu sohor dina widang sains, kacaturkeun ukur 20% poténsi uteukna anu dipaké. Sésana anu 80% deui wuteuh nepi ka maotna.Mun nya téh kitu, hanjakal geus dimumubah.

Sawatara waktu ka tukang, Howard ardner guru besar Neurologi ti fakultas Kedokteran Universitas Boston, nulis buku anu judulna Multiple Intelligent: The Theory in Practice. Dina bukuna, Gardner nétélakeun aya tujuh (poténsi) kacerdasan (nu dipaparinan ku Alloh Swt. ka manusa).Kahiji, kacerdasan linguistik.Anu tegesna anu patali jeung kaparigelan ngagunakeun basa lisan atawa tulisan.Kadua, kacerdasan logical-mathematicas.Tegesna anu patali jeung ka mampuh pikeun ngawasa widang élmu logika, matématika, sains jeung sabangsana.Katilu, kacerdasan spasial jeung visual.Tegesna anu patali jeung kamampuh nu umumna dipibanda ku arsiték, ahli patung, ahli ngalukis, navigator, jeung pilot.Kaopat, kacerdasan musical.Tegesna nu aya patalina jeung kamampuh pikeun ngawasa widang musik.Upamana, composer, konduktor, jeung musisi.Kalima, kacerdasan kinestétik.Ieu diperlukeun pisan ku atlét, penari, pesenan, jeung dokter ahli bedah.Kagenep, kacerdasan interpersonal.Tegesna kamampuh nu diperlukeun keur ngawangun komunikasi atawa hubungan anu hade jeung sasama.Upama, padagang, motivator, jeung négosiator.Katujuh, kacerdasan intrapersonal. Tegesna kacerdasan anu sipatna introspéktif atawa anu patali jeung kamampuh ngaragap diri (Sumber: “Ngisep Tina Ngajar Kana Ngajar” Mahmud Yunus dina Sunda Midang, 20 April 2007 – 20 Mei 2007).

Supaya Biantara bisa diregepkeun kalawan bener, urang kudu ngalakukeun cara-cara saperti di handap ieu.

Méré sikep nu positf. Urang kudu boga anggapan yen juru biantara teh jalma nu penting, wijak, tur ngabogaan elmu pangaweruh nu luhur. Teangan tur catet sikep jeung ucapan-ucapanna nu narik kana hate, lain kagorengan wungkul. Ku cara kitu, manehna ogé ngarasa dihargaan nu ahirna bakal Mere simpati ka urang
Responsif
Hidep kudu paham kana kahayang atawa harepan-harepan juru biantara. Bisa ogé manehna ngaharepkeun urang jadi tempat curhat, ngabagi parasaan jeung pangalaman-pangalamanna. Ku sabab kitu, tunjukkeun yen manehna téh bisa menangkeun harepan-harepan eta.
Jauhkeun sagala gangguan. Supaya bisa ngaregepkeun biantara kalawan écés tur jentré, urang ogé kudu ngajauhkeun sagala rupa nu bakal ngaganggu konsentrasi.Memang bener yén ieu saran téh hésé dilaksanakeun sanajan gampang diucapkeunana. Sanajan dina kaayaan lingkungan nu santéy atawa tumaninah, sok aya waé gangguan téh, sapertikeun harewos bojong babaturan nu aya di sagigireun, sora korsi nu ngagerét, idangan nu ngaliwat hareupeun. Éléhkeun sagala gangguan saperti kitu téh, pusatkeun perhatian urang kana sagala nu diucapkeun ku juru biantara.
Ngaregepkeun pidato tangtuna béda jeung ngaregepkeun tembang atawa dongéng. Ku sabab kitu, konséntrasi jeung kaseuriusan kacida diperlukeunana dina ngaregepkeun pidato.

Titénan téma jeung tujuan pidato. Ilaharna dua ha lieu ditepikeun dina bagian bubuka.
Catet poko-pokona nu ilaharna aya di bagian tengah atawa dina bagian ahir sabagé kacindekanana.
Titénan basa-basa nu digunakeun ku juru pidato,lafal, jeung intonasi, ogé kaéfektifan kalimah-kalimahna.
Titénan ogé éksprési jeung skip-skip juru pidato ti awal nepi ka ahir.
Supaya bisa nyaritakeun deui eusi biantara, nu ku hidep kudu pisan dilakukeun nyaéta paham kana téma atawa pasualan utama nu keur diguar ku juru biantara.

Poko-poko biantara di luhur nu bisa ku hidep dicatet saperti kieu.

Uteuk manusa hébat.
Uteuk manusa can digunakeun sacara optimal.
Gardner nétélakeun, aya tujuh kacerdasan manusa, nyaéta kacerdasan linguistic, kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical, kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.

 Catetan di luhur bisa dicaritakeun deui saperti di handap ieu.

Uteuk manusa téh hébat pisan.Ngan hanjakal ku urang tacan bener-bener digunakeun. Salian ti kitu, ceuk pamanggih Gardner, otak manusa miboga rupa-rupa poténsi, nyaéta kacerdasan linguistic, kacerdasan logical-mathematics, kacerdasan spasial jeung visual, kacerdasan musical, kacerdasan kinéstétika, kacerdasan interpersonal, kacerdasan intrapersonal.


C.    Ngoméntaran Naskah Biantara
Titénan deui kutipan biantara di handap ieu.
Solat nu bener sacara sosial kudu ngajanggélék dina lakuning lampah nu sieup. Laku lampah nu teu pagedrug jeung pandika agama, norma sosial katut étika masarakat. “… jeung adegkeun solat, saéstuna éta solat téh nyegah diri (migawé) lacut jeung mungkar” (Q.S. Al-Ankabut, 29:45).

Solat jadi ideologi nu paling épéktip dina nataharkeun kritik sosial keur ngawujudkeun dunya nu adil palamarta. Kapan dina béhna mah Alloh nyebut umat Islam téh khoiru ummah. Cicirénna taya han mun éta umat daék ngalakukeun kritik sosial. Ngalakonan amar ma’ruf nahyi munkar pok dibarung jeung prakna.

Aya sababaraha hal nu bisa dicatet patalina jeung basa nu aya dina éta kutipan ;

1.     kecap-kecapna nu ngabogaan daya tarik, saperti ngajengélék, lakuning lampah, adil palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu ngaregepkeun henteu ngarasa bosen.

2.     Kecap-kecap nu kurang kaharti maksudna, saperti khoirun ummah, amar ma’ruf nahyi munkar. Pikeun nu lain ti kaluaran pasantrén atawa sakola agama mah kecap-kecap samodél kitu kurang jelas hartina. Ku sabab kitu juru biantara kudu mere hartina supaya nu ngaregepkeuna bisa leuwih gampang mahamna.

Dumasar kana catetan-catetan di luhur, hidep bisa ngoméntaran kutipan biantara di luhur dina ungelan samodél kieu :
Numutkeun pamendak abdi, juru biantara téh tos tiasa ngagunakeun kabeungharan basa Sunda kalawan saé. Hal éta katingali tina kecap-kecapanan nu teu saukur merhatoskeun katepatan hartina, tapi ogé daya tarikna, sapertoskeun ngajenggélék, lakuning lampah, adil palamarta, pok … prakna. Kecap-kecap éta aya nu euyeub ku harti (bernuansa) ogé henteu monoton sahingga nu ngaregepkeunana moal ngarasa bosen.
Mung hanjakal aya sababaraha kecap nu sesah dihartoskeunana.Abot teuing upami kanggo kalangan awam saperti abdi mah, kecap-kecap khoirun ummah ogé amar ma’ruf nahyi munkar kirang jelas hartina.Ku margi sakitu juru biantara kedah masihan panjelasan tambihan supaya nu ngaregepkeunana gampil mahamna.

Pancen Struktur Bab ka I …..

Nyieun Biantara sewang-sewangan tema Bebas,ulah poho unsur atawa runtuyan nyieun naskah biantara, alusna make babasan jeung paribasa komo mun kalimah-kalimahna murwakanti.

Saupama haying leuwih gede nileina, praktekeun naon nukungsi di tulis eta biantara dihareupeun batur sakelas………….


DAFTAR PUSTAKA :



0 komentar:

Posting Komentar